Palajaran Magrib Iyeu (Ti tukang es datang ka kuli panggul)

Mantas sholat magrib, aing diuk di warung, neule ka jalan gede, aya tukang es kado lewat. Lain, aing lain hayang meuli es kado. Komo hayang meuli mamang na mah, atuh lain jasa. Pas jasa, eta tukang es kado lewat pas aing keur mikirkeun eweuh duit jeung isukan berangkat. Tuh kan, aing mah keneh baloon bae, ges nyaho eweuh, malah dipikirkeun. Hahaa. Tapi iyeu serius, ari ges gede mah pikirana tambah loba nyah! Keur leutik mah aing ayang naon bae tinggal menta, ayeuna mah atuh isin amat, Daaak. Duit di dompet tinggal dua lembar dua rebuan, jeung dua lembar sarebuan. Okosna teu mahi jeung meuli bensin perjalanan genep puluh lima kilo bolak-balik.

Eh, balik deui ka tukang es kado nyah. Tadi pan aing mikir, karak teu boga duit jeung bensin bae aing mani puyeng hulu. Padahal mah eta sapele jasa ja. Nah, lewatna tukang es kado tea menurut aing mah eta peringatan ti Gusti Allah jeung aing. Aing kudu mikir, eta tukang es boga duit ta enteu, jualana geus laku ta encan, laju capek ta ente kamana-mana naek sapeda, jam sakieu keneh aya di jalan. Imah na di mana? Geus dahar ta encan? Dih, kuduna mah aing bersyukur jasa keneh dibere kaayaan kos kieu. Tinggal diuk bae ngajemput rizki di warung, teu kudu cape-cape naek sapeda, kapanasan, parebut jalan jeung motor-motor. Aing mah keneh bisa gaya, sabari ngajagaan warung sabari nulis carita iyeu di laptop.

Laju ayeuna aing ngadenge sora ‘nguuuuuuung nguuuuuuuuuung’ kitu ti arep warung. Nyaho teu suara naon eta? Lain sora tawon neangan kembang, lain sora kareta, komo sora sirem keur baris mah, atuh lain jasa. Eta sora tukang putu. Masyaallah. Iyeu peringatan kadua ti Gusti Allah. Tah deule tukang putu! Ti iraha eta dewekna jualan? Datang ka peuting kieu can pulang-pulang. Alhamdulillah keur aya jalema nu meuli, aing ilu senang. Aing jadi inget, bulan-bulan kamari pernah meuli kue putu di dewekna keur pulang ti kidul tea (mantas  iluan belajar di imah bu RT), laju aing nanya dewekna urang mana. Ternyata urang Brebes, ayeuna cicing di kontrakan pasar Jati, di buri warung serba dua rebu tea.

Aduuuh Masyaallah. Beneran iyeu mah. Saanggesna aing nulis tentang tukang putu, laju aya tukang bajigur lewat. Diiih, sedih amat siih. Tadi sih neule garobakna geus kosong. Alhamdulillah jualana ges laku. Tapi eta ti iraha coba dewekna ngider? Pasti ti beurang kan? Capek jasa eta mah nyah. Ya Allah, apa aing keneh pantes puyeng gara-gara teu boga duit jeung meuli bensin? Diiih.

Aing mah ari keur kos kieu jadi inget ka mana bae. Teu jauh ti warung aing, aya warung sembako kitu, wanci kieu biasana kuli-kulina keneh gawe manggulan barang-barang dagangeun. Eta ti isuk maletuk nyah. Aing mah karunya jasa kara neuleuna. Kaosna tea geus kotooor jasa, laju beunget na pararutih jeung cararemong, putih ku tarigu, cemong ku naon mereun. Eta iraha istirahatna, iraha ibadahna, iraha senangna? Diih, sakitu na nyah neangan duit.

Kesimpulana, diukna poe iyeu aing di warung, aing teu kudu bersyukur. Keneh loba jasa jalema anu hirupna leuwih susah dari pada aing. Atuh aing mah lain ngeunah-ngeunah deui. Ari ayeuna aing teu boga duit jeung bensin, atuh iyeu mah itung-itung latihan bae. Saha nu nyaho engke hirup kami kos kumaha. Atuh hayangna mah hirup senang bae, tapi kan moal bisa. Geus sunnatullahna kos kitu pan nyah? Moal datang ka paeh hidup cukup bae, pasti geh aya kurangna. Ari keur kurang ulah terlalu dipusingkeun, engke geh rizki ngalir deui. Syaratna kami kudu yakin. Kudu iman ari hirup kami tea ditanggung ku Allah. Ulah mikiran anu lain urusan kami. Irup jeung paeh kami aya di kawasa Allah. Kami mah tinggal ngajalankeun bae. Lain kitu, Daak? Kami sama-sama ngadoa bae nyah. Semoga boga atawa teu boga duit, kami bisa senang bae. Amin.


0 komentar:

Post a Comment